Inget nuju di lembur, tiap saacan magrib teh sering ngadangu ieu. Katingalna mah, asa alit kacida ieu teh rarasaan mah. Tapi, rundayan rosul teh atuh da wajib uningana pikeun jalma muslim mah. Apan patokan wajib teh "Diganjar ku midamelna, sareng di siksa ku ninggalkeunna". Jadi, nya urang silih ingetan we ayeuna mah nya. Nah kieu nazhoman na teh :
Wajib ka jalma islamna # Uninga rundayannana
Kanjeng nabi utusan Allah # Muhammad putra Abdullah
Abdullah putra Mutholib # Mutholib putrana Hasyim
Hasyim putra Abdi Manaf # Abdi Manaf putra Qushoy
Qushoy putrana Kilab # Kilab putrana Muroh
Muroh putrana Ka’ab # Ka’ab putrana Lu ay
Lu ay putrana Gholib # Gholib putrana Fihir
Fihir putrana Malik # Malik putrana Nazhor
Nazhor putra Kinanah # Kinanah putra Khuzaimah
Khuzaimah putra Mudrikah # Mudrikah putrana Ilyas
Ilyas putrana Muzhor # Muzhor putrana Nidzar
Nidzar putrana Ma’ad # Ma’ad putrana Adnan
Wajib deui uningana # Rundayanna ti ibuna
Kanjeng nabi utusan Allah # Muhammad putra Aminah
Aminah putrana Wahhab # Wahhab putra Abdi Manaf
Abdi Manaf putra Zuhroh # Zuhroh putrana Kilab
Tepang deui ti ramana # Ti Kilab jangawarengna
Jadi ibu jeung ramana # Masih keneh sarundayan 2x
Panginten, mung sakieu wae anu tiasa diserat ayeuna mah. kirang langkung na mah nyhunkeun dihapunten. Hayu urang silih elingan dina kahadean sareng kataqwaan !
Hatur nuhun. . .
0 komentar:
Posting Komentar